Kamis, 19 Oktober 2017

Istighosah Sunda Kenging Ua Ajengan (KH. Khoer Affandi)



بِسْـــــــــمِ اللهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ

يُزِيْلُ   كُلَّ   الْحَرَامْ   *   يَقْهَرُ كُلَّ الطِّغَامْ
يَعْدِلُ   بَيْنَ   الْاَ نَامْ   *   وَيُؤْمِنُ   الْخَائِفِينْ
Nu ngilangkeun paharaman # Anu nolak kalacutan
‘Adil tengah-tegah ummat # Nyalametkeun kanu sieun
رَبِّ اسْقِنَا غَيْثَ عَامْ   *   نَافِعْ   مُبَارَكْ   دَوَامْ
يَدُوْمُ   فِى  كُلِّ  عَامْ    *   عَلَى  مَمَرِّ  السِّنِينْ
Nun Gusti mugi nurunkeun # Kana hujan saban taun
Manfa’at sareng berkahna # Dina saban-saban taun
رَبِّ احْيِنَا شَاكِرِينْ   *    وَتَوَفَّنَا    مُسْلِمِينْ
نُبْعَثْ  مِنَ الْاَمِنِينْ   *   فِى  زُمْرَةِ  السَّابِقِينْ
Mugi Gusti ngahirupkeun # Ka abdi bari syukuran
Mugi gusti ngamaotan # Bari mawa kaislaman
Sareng mugi ngahudangkeun # Ti kubur bari salamet
Tina siksaan pangeran # Sareng golongan sabikin
بِجَاهِ  طٰهَ  رَسُولْ   *   جُدْ  رَبَّنَا  بِالْقَبُولْ
وَهَبْ  لَنَا  كُلَّ  سُولْ   *   رَبِّ اسْتَجِبْ لِى  أَمِينْ
Nun Gusti mugi narima # Ku kaagungan rosulna
Sareng pamugi masihan # Panyuhunkeun abdi amin
عَطَاكَ  رَبِّ  جَزِيلْ  *    وَكُلُّ  فِعْلِكْ  جَمِيلْ
وَفِيكَ  اَمَلْنَا  طَوِيلْ  *   فَجُدْ  عَلَى  الطَّامِعِينْ
Pamasihan Gusti agung # Padamelan Gusti sae
Abdi tukang ngarep-ngarep # Mugi gusti sing bageran
يَارَبِّ  ضَاقَ  الْخِنَاقْ   *   مِنْ فِعْلِ مَالَايُطَاقْ
فَامْنُنْ  بِفَكِّ الْغِلاَقْ   *      لِمَنْ   بِذَنْبِهِ   رَهِينْ
Nun Gusti seep tarekah # Teu kiat abdi midamel
Mugi enggal dibukakaeun # Lawang Futuh kaislaman
وَاغْفِرْ  لِكُلِّ  الذُّنُوبْ    *     وَاسْتُرْ  لِكُلِّ  الْعُيُوبْ
وَاكْشِفْ لِكُلِّ الْكُرُوبْ *    وَاكْفِ   اَذَى الْمُؤَذِينْ
Nun Gusti mugi ngampura # Kana sakur-sakur dosa
Sareng pamugi nutupan # Kana  sakur ka aeban
Nun Gusti mugi lenglangkeun # Tina sakur kabingungan
Sareng pamugi ditolak # Pilara nu milaraan
وَاخْتِمْ بِاَحْسَنْ خِتَامْ *   اِذَا  دَنَا  الْاِنْصِرَامْ
وَحَانَ  حَيْنُ  الْحِمَامْ   *   وَزَادَ رَشْحُ  الْجَبِينْ
Nun Gusti mugi masihan # Sae dina panungtungan
Dina sakarotil maut # Husnul khotimah pasihan
ثُمَّ الصَّلَاةُ وَالسَّلاَمْ   *   عَلَى  شَفِيعِ  الاَنَامْ
وَالْآلِ  نِعْمَ  الْكِرَامْ      *   وَالصَّحْبِ وَالتَّابِعِينْ
Terus rohmat sareng salam # Tetep kanu nyafa’atan
Sareng ka kulawargina # Sareng shohabat tabi’in


الكاتب : ايف منوّر
يَااَرْحَــمَ  الرَّاحِمِينْ     *       يَااَرْحَــمَ  الرَّاحِمِينْ
يَااَرْحَــمَ  الرَّاحِمِينْ      *      فَرِّجْ  عَلَى  الْمُسْلِمِينْ
He dzat anu welas asih # He dzat anu welas asih
Mugi Gusti ngalenglangkeun # Kabingung umat muslimin
يَا رَبَّــنَا  يَاكَرِيــمْ     *    يَا رَبَّنَا  يَارَحِــيمْ
أَنْتَ  الْجَوَّادُ الْحَلِيمْ   *     وَأَنْتَ   نِعْمَ   الْمُعِينْ
Nun Gusti abdi sadaya # Nukagungan sifat rohiim
Anu bageur anu asih # Pangsaena nu nulungan
وَلَيْسَ  نَرْجُوْ  سِوَاكْ   *   فَادْرِكْ  إِلٰهِى  دَارَكْ
قَبْلَ  الْفَنَا  وَالْهَلَاكْ   *     يَعُمُّ   الدُّنْيَا   وَالدِّينْ
Abdi henteu ngarep-ngarep # Kalianti dzat Pangeran
Mugi enggal ditepangkeun # Sareng karaton Pangeran
Memeh ruksak alam dunya # Karuksakan alam dunya
Jeung karuksakan agama # Didunya ku kadloliman
وَمَا   لَنَا   رَبَّنَا      *   سِوَاكَ يَا حَسْبَنَا
يَا ذَاالْعُلَى  وَالْغِنَى*   وَيَا قَوِيُّ  يَامَتِينْ
Teu aya panyalindungan # Salianti dzat pangeran
He dzat anu sok nyukupkeun # Nukagungan kaluhuran
He dzat anu maha benghar # Anu teu butuh ka makhluk
Anu gagah jeung perkasa # Ngaruntuhkeun kadzoliman
نَسْئَلُكَ  وَالِيَ   يُقِيمْ    *   اَلْعَدْلَ كَيْ نَسْتَقِيمْ
عَلَى هُدَاكَ الْقَوِيمْ   *   وَلاَ  نُطِيْعُ   اللَّعِينْ
Abdi neda kagamparan # Pamimpin anu ngadegkeun
Kana hukum ka’adilan # Di dunya anu nguatan
Kana istiqomah abdi # Nyekel hidayah gamparan
Abdi teu bade nuturkeun # Ka kafir nu dibenduan
يَا رَبَّنَا      يَا مُجِيْبْ     * اَنْتَ السَّمِيْعُ الْقَرِيْبْ
ضَاقَ الْوَاسِعُ الرَّحِيْبْ *     فَانْظُرْ  اِلَى الْمُؤْمِنِينْ
Duh pangeran nu ngijabah # Nu ngadangu anu caket
Kaayaan atos rupek # Tingali jalma mu’minin
نَظْرَةْ  تُزِيْلُ  الْعَنَا   *    عَنَّا وَتُدْنِى  الْمُنَا
مِنَّا   وَ كُلَّ   الْهَنَا     *   نُعْطَاهُ فِى كُلِّ حِينْ
Paningali nu ngilangkeun # Kana sakur kahinaan
Paningali nungilangkeun # Kana sakur karupekan
Nu nyaketkeun pangharepan # Dipasihan kagampangan
Anu leres ceuk gamparan # Dina saban-saban zaman
نَسْئَلُكَ  بِجَاهِ  الْجُدُودْ   *   وَالِيَ يُقِيْمُ الْحُدُودْ
فِيْنَا  وَيَكْفِى  الْحَسُودْ  *    وَ يَدْفَعُ  الظَّالِمِينْ
Abdi neda ka gamparan # Ku kaagungan nu taremen
Pangurus anu nangtungkeun # Ka undang-undang Gamparan
Nu ngilangkeun paharaman # Anu nolak kadloliman
Hingga luhur ka’adilan # Dina agama Pangeran
يُزِيلُ   لِلْمُنْكَرَاتْ   *   يُقِيْمُ   لِلصَّلَوَاتْ
يَأْمُرُ   بِالصَّالِحَاتْ   *    مُحِبُّ   لِلصَّالِحِينْ
Nu ngilangkeun pamungkaran # Nu ngadegken kana sholat
Marentah kamaslahatan # Anu cinta ka sholihin